Jumat, 09 Januari 2009

PERPISAHANKU


Assalamualaikum wr.wb
Nu dipihormat,Bapa Drs.Rahmat Hidayat.,MM salaku katua Yayasan YAPIS,
Nu dipihormat,Bapa Drs.Dadang Baehaqi.,M.Si salaku katua komiteu SD YAPIS,
Nu dipihormat,Bapa Kapala Sakola,Ibu sareng Bapa Guru pangajar SD YAPIS,
Nu dipihormat,Para Tokoh Masarakat,
Nu dipihormat,Para Ibu sareng Bapa sepuh/wali murid SD YAPIS,
Oge teu kakantun,rerencangan sareng adi-adi kelas nu aya di SD YAPIS nu dipihormat ku sim abdi.
Puji kalayan sukur urang panjatkeun ka kersana Gusti Allah Nu Maha Agung,
margi ku manten-Na pisan nu tos ngabulkeun maksad urang sadayana,nyaeta urang tiasa
bongkok ngaroyok,riung mungpulung,kempel sadaya,dina raragan rehna sim abdi saparakanca nu tos tiasa namatkeun elmu,nyiar pangartos,ngamumule kasahajaan,sareng ngajungjung kamulyaan di SD YAPIS kareueus urang sadayana.
Sholawat sinareng salam mugi dilungsurkeun ka jungjunan urang Nabi Muhammad SAW,para kulawargi sareng para shohabat.Teu kakantun urang salaku umatna,mugi dipaparin kasehatan ku Allah pikeun neruskeun perjuangan anjeuna.
Hadirin anu sami rawuh,
Genep taun tangtos sanes waktos nu sakedap.Upami ku urang dititenan, dietang-etang ti kapungkur dugi ka ayeuna,kacida cangkeulna.Atuh dina raragan rehna sim abdi saparakanca nu tos tiasa namatkeun elmu sareng nyiar pangartos,dina dinten ieu sim abdi wawakil ti rerencangan sadaya nyuhunkeun widina pikeun ngadugikeun pidato Paturay Tineung,teu aya sanes hoyong ngadugikeun ka Bapa Kapala Sakola,para Ibu sareng Bapa Guru,oge teu kakantun ka sadaya padamel nu aya di SD YAPIS,ngahaturkeun mangrebu nuhun nusaageung-ageungna tur teu tiasa kaetang,mugia darma bakti,kasabaran sareng samudaya nu tos dicurahkeun pikeun abdi saparakanca kenging ganjaran nu kacida ageungna ti kersana Gusti urang sadaya,Allah Nu Maha Agung.
Sanaos ti eta,atuh ti murangkalih dugi ka ayeuna tangtosna abdi saparakanca gaduh kalepatan tur kahilapan nu aya dina paripolah sadidinten,laku lampah nu kirang sae,sareng cacariosan nu pondok nyogok panjang nyugak nu teu kaetang seueurna,nyuhun pangapunten nu saageung-ageungna ti Bapa Kapala Sakola sareng para Ibu/Bapa Guru SD YAPIS.
Sakali deui sim abdi mung tiasa ngahaturkueun mangrebu nuhun ka sagala pangartos sareng jasa ti Ibu sareng Bapa Guru.
Mung sakitu nu tiasa kapedar kusim abdi,bilih aya cariosan nu pondok nyogok panjang nyugak salami abdi ngadugikeun ieu cariosan,hapunten kana sagala kalepatan,hatur nuhun kana sagala perhatosanana.Ahir kalam,
Wassalamualaikum.wr.wb